Monday, December 27, 2010

Ampera

diantara tempat anu aya di sakurilingeun imah kuring, sigana ieu salah sahiji tempat anu karasa nineung lamun di sawang ti pasir, katelahna Ampera, duka kunaon bet miboga ngaran ampera, duka teuing aya hubunganana jeung Amanat Penderitaan Rakyat...
Naon anu matak nineungna.... teu atra dina gambar tapi sugan bisa duplod dina gambar anu sejen, pas di kuloneun atawa beh kenca gambar aya masigit anu kahalangan ku solokan leutik, aya balong terus ka kulon lamping anu wawatesanan jeung kampung babakan, ari ka wetan lamping deui wae, aya tapak urug malahanmah lamun diteruskeun terusna ka Gunung Putri lamun lempeng ka tonggoh ka belah kaler nya leuweung pines, di suku gunung Tangkuban Parahu.
Lamun seug kebon ceuk kolot bareto minangka Garuda Ngupuk, hade pisan lamun dipake kebon mah, nga duka teuing saupama dipake tempat piimaheun, da lumuhna lamun aya urug atawa cai hujan sok dipiceun ka lebah lengkob siga kieu... ah mudah-mudahan ulah nyah.... karunya ieuh !!!
Demi anu lianan anu sok matak nineung, unggal sore sok kadenge barudak eak-eakan arulin di lapang leutik anu kaciri dina gambar, anu mengbal parebut lapang jeung anu ucing-ucingan. Budak awewe ulin karet, entog sing daredod leumpang..
Emh itu tinggali aya balong......aya nu ngajak moal nguseup didinya nyah ????

No comments:

Post a Comment