Wednesday, March 9, 2011

Pangsi "Kasantikaan"

Aya mangratus jenis pangsi, tapi kuring teu apal hiji oge anu mana pangsi anu asli atawa naon sih ari pangsi teh, tapi anu paling nineung jeung paling dipikameumeut nya pangsi anu ieu. Ieu pangsi pamere Abah Iwan Abdulrachman, basa kuring sok ngilu kasantikaan di Damas, nya urang sebut weh pangsi kasantikaan. 
Wangun ieu pangsi teu bina ti baju karate, saku anu dipasang dihareup boh dina baju atawa dina calana nyilokakeun "awarenes" dimana saupama ngasupkeun leungeun kana pesak anu dihareup aware urang bakal leuwih alus tibatan ngasukeun leungeun kana saku tukang, komo lamun calana jeans mah jaba kacepet.
leuwihna sejen anu kuring resep upama make pangsi ieu nyaeta teu kudu ngancingkeun baju... da puguh euweuh kancingan jeung mantes weh upama dipake di luar jang ngadobelan kaos
Tambahan leuwihna anu sejen anu nunjukkeun ieu baju keur olah raga nyatea aya liang palebah kelek khusus keur napas kesang jeung saupama remen dipake jang gerakan ngangkat leungeun teu kabaguded kusabab logor.
dina calana sakuna ditunda di hareup, sementara di tukangna aya dobel kaen jang bujur supaya teu tereh soeh. model aslina tina calana ieu aya  karet dina tungtung calana jang ngajaga saupama ulin ka leuweung teu ditaekan ku pacet
aya nu minat ????

No comments:

Post a Comment