Monday, December 27, 2010

Catetan Layung


Catetan ieu, dihaja dijieun keur ngingetan kuring perkara Layung, Sore jeung endahna layung dina sore
Pernah aya babaturan nanyakeun naha kuring resep kana layung jeung boga harti naon layung sore ? jawabanana kadang kuring oge sok aneh sorangan, aneh ka diri sorangan anu sok ngadadak melankolis kacida lamun heug ngomongkeun ieu perkara, bari ras poho ka umur anu geus teu kasebut budak Abege. tapi dalah dikumahakeun ieu kuring jeung ieu pendapat kuring
Layung, lumuhna marengan pindahna poe, tina poek kana caang  pon nya kitu deui tina caang kana poek diantara eta dua layung nya layung anu sore anu pang dipikaresep tur dijadikeun siloka panggeuing diri, alesanana enteng Layung sore mere wates antara beurang anu caang jeung peuting anu poek, beuranga nu pinuh ku perjuangan hirup jeung peuting tempat urang reureuh, beurang anu caang katinggali jeung peuting anu samar, beurang anu anu mere guligah jeung peuting anu lewang, antara eta dua kaayaan diwatesan ku layung.

Ti isuk tepi ka beurang, saupama panonpoe moncorong nunjukkeun kagagahana terus laju ka sorenakeun anu antukna tepi ka bijil layung, cahya panonpoe anu sakitu panasna robah jadi tiis, robah jadi layung anu endah, koneng umyang dangdaunan, katojo ku cahyana mantulkeun cahya emas gilang gumilang, endah kacida. Tapi, dina waktu anu sarua jeung samporet urang kudu buru-buru inget eta kaendahan bakal sirna ilang kasilihkeun ku poekna peuting. eta panon poe anu tadi beurang panas kacida teu pisan aya sesana kaganti ku poek mongklengna alam.
Pon nya kitu deui dina kahirupan urang di Alam Dunya, sakumaha gagah rongkahna urang manusa, nembus bumi, ngapak jomantara, nyaatan sagara, nugaran cadas, aya waktuna urang bakal tilem, poek. Balik ka pangbalikan mulang ka tempat sakuduna urang mulang. Sarupa pertanyaan kuring, naon anu leuwih endah dina hirup, lamun urang di parengkeun mungkas sakabeh lalakon dina kaayaan endah ? dina Khusnul Khotimah.
Sok sanajan ngan sakolepatan,  kaendahan eta anu ku urang diteang, dina rupa-rupa bentuk jeung kaayaan, amal urang anu mere kareugreug nepungan Pangeran, budak anu balageur, pinter soleh tur teu pikamelangeun di tinggalkeun, kulawarga anu ridho ninggalkeun tur soleh ngaduakeun, elmu urang anu geus cacap diamalkeun jadi mangpaat ka sakumna makhluk, jeung rea-rea deui..
Mudah-mudahan kahontal,
Cag...

No comments:

Post a Comment