Tuesday, December 28, 2010

Proyek Indonesia

Inget jaman keur sakola di STM, diajar bagbagan kapal udara jeung teknologina. tuluy ras inget kana N-250, Nusantara 250, mun teu salah dingaranan kitu sabab murni buatan pamuda Nusantara, dipasangan dua mesin turboprop jeung ngabogaan daya angkut 50 jelema. eta mangrupakeun generasi kapal ka sakaitu anu dijieun di Industri Pesawat Terbang Nusantara anu kiwari ganti ngaran jadi Dirgantara Indonesia PT.
ku teknologi jaman harita eta kapal udara geus make teknologi anu kawilang luhur, anu lumuh dipake dina kapal anu kelasna aya di saluhureuna, estu proyek anu gede tur nandonkeun sakabeh ngaran jeung kakayaan Indonesia, kumaha henteu ku pangkat kuring anu ukur tepi ka STM wae harita geus kabayang kumaha kahuruanana janggot nagara anu geus digjaya dina industri kapal udarana. komo deui sainget kuring harita IPTN geus ngamimitian ngieun IPTN North America, anu bakal dipake produksi massal N-250 keur pasar amerika, geus kabayang kumaha ketakna Amerika dina nyinghareupan ieu pasualan. ibarat peucang peupeuleukeuk hayang nyolok mata gajah.
Ahirna ku kakuatan pulitik, negoisasi jeung sajabana ieu proyek siga anu hirup teu neut paeh teu hos, memang can waktuna keur urang ngembarakeun yen urang boga kamapuan anu sarua jeung nagara deungeun dina urusan pulitik.
Hal anu sarua kajadian dina dunia otomotif, nagara urang anu mangrupakeun pasar gede keur nagara-nagara produsen mobil ibarat peti harta karun anu sing saha wae boga niat ngaganggu bakal adu hareupan jeung manehna, pon nya kitu deui bangsa urang sorangan. Bisa diconto, kurang kumaha tangguna treuk Perkasa anu make teknologi russia jeung inggris, teknologi mobil Maleo ti IPTN anu make teknologi mumpuni, jeung siap diproduksi massal, atawa conto anu gede proyek mobnas Timor jeung Bimantara, kabeh ditungtungan ku tinggalebruna proyek jeung teu jadi deui na eta proyek, naon alesan ??
leupas tina isu anu dipake keur ngagebrukeun masing-masing usaha, aya hiji hal anu sarua, nyaeta usaha pikeun ngageser industri otomotif anu dikawasa ku nagara nu leuwih kuasa di Indonesia. Ukur pikiran kuring anu bodo, eta mah geus jadi hal anu dasar dina urusan dagang, lamun urang boga produk terus payu kacida dimana aya saingan anu ngieun produk leuwih punjul boh dina kualitas atawa harga, nya kudu dipencet !!! lamun henteu urang kasaingan, kitu lin ??
Mudah-mudahan ieu kajadian teu ngulang ka Esemka Digjaya......... Digjaya Indonesia
(katerangan gambar DMV, Dirgantara Military Vehicle, maenya nyah urang bisa ngeiun mobil militer ari mobil sipil teu bisa ??)

No comments:

Post a Comment