Monday, December 27, 2010

Sunten Jaya

Sunten Jaya, pernahna wetaneun desa Cibodas Lembang, tungtung pisan jalan aspal lamun dikebatkeun teh brasna ka perkebunan  nanahaon kitu....asanamah perkebunan kina.
tempatna enakeun pisan,.. tiis,.... sepi,...... dalah lamun aya rejeki daek da boga imah di dinya... hanjakal tanahna geus marahal....
lamun urang nyawang ka kaler ngebat leuweung anu ngawatesan Bandung jeung Subang tapi lamun ninggali ka kidul lain katinggali bandung, tapi Gunung Batu anu nangtawing anu lamun ti bandung mah kacirina teh hutan Lindung Ir. H Djuanda.
di Suntenjaya,perenahna hiji PKBM anu nelah PKBM Geger Sunten, teu aya hubunganana jeung penerbit Geger Sunten anu di Geger Kalong, tempatna di tengah pilemburan, sasat tempat nyuprih elmu keur anu teu kabagean kasempetan sakola di Pendidikan Formal, rupa-rupa program anu ditawarkeun kayaning Kesetaraan, Keaksaraan, keurseus, PAUD.
dipingpin ku pangersa Bapa Yusuf Hadik, eta PKBM geus loba ngahasilkeun lulusan PKBM anu dina bageanana ku kamapuanana masing-masing ilubiung dina pangwangunan bangsa Indonesia, teu muluk maranehanana boga cita-cita, teu jauh jadi dokter atawa jadi pilot, umumna lamun seug ditaranya teh ukur hayang bisa maca, bisa nulis jeung ngitung supaya teu katipu, teu jauh hayang bisa jadi politikus atawa pejabat.
Sababaraha minggu kaliwat kuring bulak-balik ka sunten jaya dina raraga uruseun kuliahan, beuki karasa nineungna ka eta tempat.... susuganan wae saupama aya rejeki jeung jodo ti Pangeran jaga bisa bubuara di dinya.

No comments:

Post a Comment