Friday, December 31, 2010

Taun Baru 2011

siut........ beledag.....!!!
siut....... beledag...!!
jalan panjang anu disorang
sirna dina tarikna sora jeung barasatna warna
tur eak-eakana barudak....

saterusna
simpe......!!!

Thursday, December 30, 2010

Katineung ti Jayagiri

Judul anu bakal loba diulang, katineung ti Jayagiri, poe ieu nineung ku sarupa isukna nineung ku nu lian, tapi nya keun lah... paling henteu aya katineung dina poe ieu..:D
catetan kuring jalan-jalan mapay jalan ka leuweung jayagiri, tuluy norobos leuweung ka kebon turun di lembur babakan ah nineung,... asa kabita boga imah didinya khusus piparagieun nyumput lamun diudag ajag pajeg....
geura urang tataan jalan teh...

 Ieu poto kahiji masih di wewengkon desa jayagiri, moto imah anu aya di sisi lamping panglampingna pisan, nangtawing pisan, dipoto ti arah lembur ampera.


Rada ngalieuk heula ka tonggoh, aeh kaler, tapi moto ka lebah, aya lapang anu aya masigit tea ning.....
balong saha eta nyah...


 Rada jauh ka tonggoh, ka belah kaler halimun geus turun hawa geus tiis bangun anu nyarek ulah indit tapi ah rek terus wae..

 Tah gerbang taman hutan jayagiri...

 Leuweung jayagiri ieuh, duka dugi ka iraha masih cara kieu...

 Caricangkas dina kembang kuburan...

Jalan Satapak, paragi kuring ngaprak....


Asanamah tadina ieu tanah perhutani, tapi duka teuing atuh....jigana dongeng mang Eep ieu mah....

Asal mula perjalanan, dari bunga yang jatuh.., kitu meureun nya judulna teh ??


 Hese rek neangan istilan Slum di daerah dieu teh...


cikan nu mana nyah anu bade dipeser teh ????? hihihihi
ke ah dilajeng......

Tuesday, December 28, 2010


Romaji

Sayonara daisuki na hito sayonara daisuki na hito
Mada daisuki na hito

Kuyashii yo totemo kanashii yo totemo
Mou kaette konai sore demo watashi no daisuki na hito

Nanimo ka mo wasurenarenai nanimo ka mo sute kirenai
Konna jibun ga mijime de yowakute
Kawaisou de daikirai

Sayonara daisuki na hito sayonara daisuki na hito
Zutto daisuki na hito
Zutto zutto daisuki na hito

Nakanai yo ima wa nakanaide ima wa
Kokoro hanarete yuku sore demo watashi no daisuki na hito

Saigo da to iikikasete saigo made iikikasete
Namida yo tomare saigo ni egao wo
Oboete oku tame

Sayonara daisuki na hito sayonara daisuki na hito
Zutto daisuki na hito
Zutto zutto daisuki na hito
Zutto zutto zutto daisuki na hito
   
English

Goodbye my love, goodbye my love
I still love you

I'm so vexed, I'm so sad
You won't come back anymore, but I still love you

I can't forget everything, I can't throw everything away
I'm miserable and weak
And pitiful, I hate myself

Goodbye my love, goodbye my love
I'll always love you
I'll always, always love you

I won't cry now, don't cry now
Although our hearts grow far apart, I still love you

I keep saying it's the last time, I keep saying it 'til the end
I stop my tears, so that your smile
Is the last thing I remember

Goodbye my love, goodbye my love
I'll always love you
I'll always, always love you
I'll always, always, always love you

Proyek Indonesia

Inget jaman keur sakola di STM, diajar bagbagan kapal udara jeung teknologina. tuluy ras inget kana N-250, Nusantara 250, mun teu salah dingaranan kitu sabab murni buatan pamuda Nusantara, dipasangan dua mesin turboprop jeung ngabogaan daya angkut 50 jelema. eta mangrupakeun generasi kapal ka sakaitu anu dijieun di Industri Pesawat Terbang Nusantara anu kiwari ganti ngaran jadi Dirgantara Indonesia PT.
ku teknologi jaman harita eta kapal udara geus make teknologi anu kawilang luhur, anu lumuh dipake dina kapal anu kelasna aya di saluhureuna, estu proyek anu gede tur nandonkeun sakabeh ngaran jeung kakayaan Indonesia, kumaha henteu ku pangkat kuring anu ukur tepi ka STM wae harita geus kabayang kumaha kahuruanana janggot nagara anu geus digjaya dina industri kapal udarana. komo deui sainget kuring harita IPTN geus ngamimitian ngieun IPTN North America, anu bakal dipake produksi massal N-250 keur pasar amerika, geus kabayang kumaha ketakna Amerika dina nyinghareupan ieu pasualan. ibarat peucang peupeuleukeuk hayang nyolok mata gajah.
Ahirna ku kakuatan pulitik, negoisasi jeung sajabana ieu proyek siga anu hirup teu neut paeh teu hos, memang can waktuna keur urang ngembarakeun yen urang boga kamapuan anu sarua jeung nagara deungeun dina urusan pulitik.
Hal anu sarua kajadian dina dunia otomotif, nagara urang anu mangrupakeun pasar gede keur nagara-nagara produsen mobil ibarat peti harta karun anu sing saha wae boga niat ngaganggu bakal adu hareupan jeung manehna, pon nya kitu deui bangsa urang sorangan. Bisa diconto, kurang kumaha tangguna treuk Perkasa anu make teknologi russia jeung inggris, teknologi mobil Maleo ti IPTN anu make teknologi mumpuni, jeung siap diproduksi massal, atawa conto anu gede proyek mobnas Timor jeung Bimantara, kabeh ditungtungan ku tinggalebruna proyek jeung teu jadi deui na eta proyek, naon alesan ??
leupas tina isu anu dipake keur ngagebrukeun masing-masing usaha, aya hiji hal anu sarua, nyaeta usaha pikeun ngageser industri otomotif anu dikawasa ku nagara nu leuwih kuasa di Indonesia. Ukur pikiran kuring anu bodo, eta mah geus jadi hal anu dasar dina urusan dagang, lamun urang boga produk terus payu kacida dimana aya saingan anu ngieun produk leuwih punjul boh dina kualitas atawa harga, nya kudu dipencet !!! lamun henteu urang kasaingan, kitu lin ??
Mudah-mudahan ieu kajadian teu ngulang ka Esemka Digjaya......... Digjaya Indonesia
(katerangan gambar DMV, Dirgantara Military Vehicle, maenya nyah urang bisa ngeiun mobil militer ari mobil sipil teu bisa ??)

Kumpulan Senja

Teman saya bilang, ... pake identitas dong !!!! 
Yah mungkin kedepannyah, soalnya waktu saya ngambil  gambar ini ngga ada tulisan All Right Reserved, itu mungkin karena Allah memang Maha Kaya, jadi semua keindahan yang ada diberikan pada manusia, tanpa harus membayar sedikitpun. lagian gambar di bawah ini memang umum kan ??? semua orang bisa melihatnya tanpa harus minta izin . Jadi buat yang mau pinjam ya silahkan saja, walaupun better kalau mau disertakan link ke blog ini...
Enjoy !!
















Monday, December 27, 2010

Catetan Layung


Catetan ieu, dihaja dijieun keur ngingetan kuring perkara Layung, Sore jeung endahna layung dina sore
Pernah aya babaturan nanyakeun naha kuring resep kana layung jeung boga harti naon layung sore ? jawabanana kadang kuring oge sok aneh sorangan, aneh ka diri sorangan anu sok ngadadak melankolis kacida lamun heug ngomongkeun ieu perkara, bari ras poho ka umur anu geus teu kasebut budak Abege. tapi dalah dikumahakeun ieu kuring jeung ieu pendapat kuring
Layung, lumuhna marengan pindahna poe, tina poek kana caang  pon nya kitu deui tina caang kana poek diantara eta dua layung nya layung anu sore anu pang dipikaresep tur dijadikeun siloka panggeuing diri, alesanana enteng Layung sore mere wates antara beurang anu caang jeung peuting anu poek, beuranga nu pinuh ku perjuangan hirup jeung peuting tempat urang reureuh, beurang anu caang katinggali jeung peuting anu samar, beurang anu anu mere guligah jeung peuting anu lewang, antara eta dua kaayaan diwatesan ku layung.

Ti isuk tepi ka beurang, saupama panonpoe moncorong nunjukkeun kagagahana terus laju ka sorenakeun anu antukna tepi ka bijil layung, cahya panonpoe anu sakitu panasna robah jadi tiis, robah jadi layung anu endah, koneng umyang dangdaunan, katojo ku cahyana mantulkeun cahya emas gilang gumilang, endah kacida. Tapi, dina waktu anu sarua jeung samporet urang kudu buru-buru inget eta kaendahan bakal sirna ilang kasilihkeun ku poekna peuting. eta panon poe anu tadi beurang panas kacida teu pisan aya sesana kaganti ku poek mongklengna alam.
Pon nya kitu deui dina kahirupan urang di Alam Dunya, sakumaha gagah rongkahna urang manusa, nembus bumi, ngapak jomantara, nyaatan sagara, nugaran cadas, aya waktuna urang bakal tilem, poek. Balik ka pangbalikan mulang ka tempat sakuduna urang mulang. Sarupa pertanyaan kuring, naon anu leuwih endah dina hirup, lamun urang di parengkeun mungkas sakabeh lalakon dina kaayaan endah ? dina Khusnul Khotimah.
Sok sanajan ngan sakolepatan,  kaendahan eta anu ku urang diteang, dina rupa-rupa bentuk jeung kaayaan, amal urang anu mere kareugreug nepungan Pangeran, budak anu balageur, pinter soleh tur teu pikamelangeun di tinggalkeun, kulawarga anu ridho ninggalkeun tur soleh ngaduakeun, elmu urang anu geus cacap diamalkeun jadi mangpaat ka sakumna makhluk, jeung rea-rea deui..
Mudah-mudahan kahontal,
Cag...

Sunten Jaya

Sunten Jaya, pernahna wetaneun desa Cibodas Lembang, tungtung pisan jalan aspal lamun dikebatkeun teh brasna ka perkebunan  nanahaon kitu....asanamah perkebunan kina.
tempatna enakeun pisan,.. tiis,.... sepi,...... dalah lamun aya rejeki daek da boga imah di dinya... hanjakal tanahna geus marahal....
lamun urang nyawang ka kaler ngebat leuweung anu ngawatesan Bandung jeung Subang tapi lamun ninggali ka kidul lain katinggali bandung, tapi Gunung Batu anu nangtawing anu lamun ti bandung mah kacirina teh hutan Lindung Ir. H Djuanda.
di Suntenjaya,perenahna hiji PKBM anu nelah PKBM Geger Sunten, teu aya hubunganana jeung penerbit Geger Sunten anu di Geger Kalong, tempatna di tengah pilemburan, sasat tempat nyuprih elmu keur anu teu kabagean kasempetan sakola di Pendidikan Formal, rupa-rupa program anu ditawarkeun kayaning Kesetaraan, Keaksaraan, keurseus, PAUD.
dipingpin ku pangersa Bapa Yusuf Hadik, eta PKBM geus loba ngahasilkeun lulusan PKBM anu dina bageanana ku kamapuanana masing-masing ilubiung dina pangwangunan bangsa Indonesia, teu muluk maranehanana boga cita-cita, teu jauh jadi dokter atawa jadi pilot, umumna lamun seug ditaranya teh ukur hayang bisa maca, bisa nulis jeung ngitung supaya teu katipu, teu jauh hayang bisa jadi politikus atawa pejabat.
Sababaraha minggu kaliwat kuring bulak-balik ka sunten jaya dina raraga uruseun kuliahan, beuki karasa nineungna ka eta tempat.... susuganan wae saupama aya rejeki jeung jodo ti Pangeran jaga bisa bubuara di dinya.

Ampera

diantara tempat anu aya di sakurilingeun imah kuring, sigana ieu salah sahiji tempat anu karasa nineung lamun di sawang ti pasir, katelahna Ampera, duka kunaon bet miboga ngaran ampera, duka teuing aya hubunganana jeung Amanat Penderitaan Rakyat...
Naon anu matak nineungna.... teu atra dina gambar tapi sugan bisa duplod dina gambar anu sejen, pas di kuloneun atawa beh kenca gambar aya masigit anu kahalangan ku solokan leutik, aya balong terus ka kulon lamping anu wawatesanan jeung kampung babakan, ari ka wetan lamping deui wae, aya tapak urug malahanmah lamun diteruskeun terusna ka Gunung Putri lamun lempeng ka tonggoh ka belah kaler nya leuweung pines, di suku gunung Tangkuban Parahu.
Lamun seug kebon ceuk kolot bareto minangka Garuda Ngupuk, hade pisan lamun dipake kebon mah, nga duka teuing saupama dipake tempat piimaheun, da lumuhna lamun aya urug atawa cai hujan sok dipiceun ka lebah lengkob siga kieu... ah mudah-mudahan ulah nyah.... karunya ieuh !!!
Demi anu lianan anu sok matak nineung, unggal sore sok kadenge barudak eak-eakan arulin di lapang leutik anu kaciri dina gambar, anu mengbal parebut lapang jeung anu ucing-ucingan. Budak awewe ulin karet, entog sing daredod leumpang..
Emh itu tinggali aya balong......aya nu ngajak moal nguseup didinya nyah ????

Bulan (1)

(Rahmat M sas)

Bulan ngangkleung na kamalir peuting
dipirig sora kacapi
nu ngelik hariring suling
ti peuting pinuh karungsing
moro beurang ku kahariwang

Bulan Tumanggal na jantung
cahyana ukur kabingung
kakasih tilar balayar

1957

dicutat tina buku kempelan sajak sunda, mun teu salah judulna teh Surat Panjang ti Cijulang (kitu ??)  ah nya hampura weh lamun salah. puguh ge aya sababaraha buku anu halaman jilid jeung halaman hiji na duka kamana.
Asa ku ngangres mun seug maca ieu sajak anu kabayang teh (meureun) anu sono dikantun angkat...
heuheuheue
keun wae naon anu aya di satukangeun ieu sajak....nyanggakeun weh sa hasil cutatan....

Sunday, December 26, 2010

Kembang Panyarikan

.......................
Ahung guruh limanputih lalakina,
ahung guru sang seda malela,
ahung guru sang seda tunggal,
sang tunggal sang rajah punah,
sang punah sang darma jati,
tanah lemah tukuh bumi,
tukuh buana,
dat musna sirna,
ilang tanpa karana,
mulya kara-kara ista, ora bayane,
cacap pangkat disalin deui.
.........................

Curat-coret na blog anyar, pancaraken...
ras inget kana omongan jenat nini, "cik atuh ulah loba pancaraken hirup mah....!!"
tapi ari euweuh pancaraken asa teu rame... keun wae urang kokoreh di kolong imah weh lah neangan pancaraken teh...
penting teu penting keun wae da arana oge pancaraken lin ??