Friday, January 28, 2011

AKU ADA

Melukiskanmu saat senja
Memanggil namamu ke ujung dunia
Tiada yang lebih pilu
Tiada yang menjawabku
Selain hatiku dan ombak berderu

Di pantai ini kau selalu sendiri
Tak ada jejakku di sisimu
Namun saat ku tiba
Suaraku memanggilmu
Akulah lautan kemana kau selalu pulang

Jingga di bahuku
Malam di depanku
Dan bulan siaga
Sinari langkahku
Ku terus berjalan
Ku terus melangkah
Kuingin ku tahu engkau ada

Memandangimu saat senja
Berjalan di batas dua dunia
Tiada yang lebih indah
Tiada yang lebih rindu
Selain hatiku andai engkau tahu

Di pantai itu kau tampak sendiri
Tak ada jejakku di sisimu
Namun saat kau rasa
Pasir yang kau pijak pergi
Akulah lautan memeluk pantaimu erat

Jingga di bahumu
Malam di depanmu
Dan bulan siaga
Sinari langkahmu
Teruslah berjalan
Teruslah melangkah
Ku tahu kau tahu aku ada  (Dewi Lestrai)

Thursday, January 20, 2011

Terjebak

Terjebak dalam dunia khayalku
Terperangkap dalam tembok yang aku bangun sendiri
dan nyaman di dalamnya

dengan segala rasa
absurd..

sangat absurd hunny...

sangat..

Jingga di Jakarta

Perjalanan pulang dari jakarta, perjalanan yang terasa sangaaaaaaaaaaat lama, entah benar lama atau hati yang membuat lama tapi yang pasti perasaan itu yang hinggap di hati. hingga akhirnya satu lagi jingga terlewati. putaran semanggi tidak memberikan kesempatan untuk mengambil gambar bulatan matahari tetapi semburat jingga masih bisa diabadikan..
semoga berkenan.....
p.s. neng yang duduk dipinggir... meni balaga ih nggak mau tukeran tempat duduk !!!!

Wednesday, January 19, 2011

KAYAKINAN


Jerona sagara lalakon hirup urang
nganteurkeun lambak tarucing hirup anu hamo aya eureunna
Imut anjeun,
Teuteup anjeun,
pasrah anjeun,
nambahan jerona rusiah lalakon urang duaan,

kamari,...
poe ieu,...
isuk ,...
kuring moal mungkir,...
Asih kuring ka anjeun,...
Geus kapatri ku keclakna asih dina batu carita.

Saturday, January 15, 2011

KOLECER


Meujeuhna panas harita, panonpoe karek ngolesed muru ngulon, mun harita hayam mah meujeuh nyarumput di kolong imah beda deui jeung si Tarlan, eta budak teh ti isuk cinukduk di juru pipir imahna, handapeun tangkal alpuket anu buahna  rantuy najan parentil keneh.

Tadi isuk rebun-rebun keneh si Tarlan geus ngarit pakeun parab domba, jukut pinuh ku cai reumis teu ieuh dipalire. Balik ngarit tara biasana, si tarlan mawa tangkal jeungjing anu badagna kira-kira sagede bitis, leutik ngan lantas, panjang teu bengkung.

Ucul-ucul beres ngarit teh terus wae manehna diuk na amben, nya handapeun tangkal alpuket tea. Kurat keureut, ruat raut, ngaragaji. Anteng nakeranan teu bisa diganggu. Eureun teh pedah kapotong ku sora adan di madrasah nu teu jauh ti imahna. Ari geus beres mah ti madrasah terus deui manehna ngadekul muru hanca pagaweanana.

Wanci lingsir ngulon bareng jeung ngongna sora adan asar si Tarlan nguliat hudang. Nyeh nyerengeh nulak cangkeng bari dangdak-dengdek. “ keun siah..” pokna ngagerendeng “ tinggali isukan  nu aing nu panggedena, mo teu handaruan soranage ..”

Tayohna mah si Tarlan, ti isuk jedur tepi ka sore jeder teh nyieun kolecer, tina kai jeujing tea, eta kolecer the badag kacida, panjangna kurang leuwih tilu meter, eta kolecer teh tuluy diabuskeun kana kolong imah. Geuwat beberes parabot nu geus dipake. Geus kitu gura-giru muru pancuran geusan wudlu.

Teu kakocap dimadrasahna, balik ti madrasah manehna muru ka pipir ngarongkong ka kolong mawa kolecer anu tadi disumputkeun. Rigidig di bawa, tuluy manehna kebat ka tonggoheun imah muru ka mumunggang pasir leutik. Anjog ka tempat nu dituju manehna ngadeukeutan tangkal peuteuy. Mimiti atra ayeunamah, dieta mumunggang pasir leutik tayohnamah keur dijadikeun tempat masang-masangkeun kolecer. Anu gede anu leutik mangrupa-rupa ukuran.  Eta kolecerteh maruter ngaluarkeun sora sing caruit sing galeber malah aya anu ngaguruh sagala rupa.

Barang nepi ka tangkal peuteuy eta kolecer anu ti tadi di papanggul teh tuluy dihanjatkeun, terekel manehna naek, kolecerna digusur dibawa naek, didinya nyampak awi panjang pitihangeun anu ditalian kana tangkal peuteuy diluhurna aya paniir tina awi anu geus dibuntutan ku barangbang kalapa garing. Terekel si Tarlan naek leuwih luhur, tepi kana paniir sup kolecerna di asupkeun tuluy tungtung paniir di ganjel ku awi leutik minangka paseuk.

Geus beres sagalana jut si Tarlan turun can ge manehna nincak lemah eta kolecer geus kaciri muter mimiti laun, wik..wik…wik… sorana ngawik-wik.  hiuk anging rada gede eta kolecer muterna leuwih tarik sorana mimiti ngaguruh, narikan nandingan sora kolecer lianan nu aya di eta tempat. Sora kolecer ngaguruh ngilu kana tarikna angin nu nebak, angin usum halodo anu meujeuhna badag.
Sora kolecer si Tarlan kadenge deui ngageber, ngaguruh beuki lila beuki tarik sorana handaruan awi tihangna melenod, melengkung kasered ku tarikna angin.Guruhna sora kolecer muwuh matak sentar. Teu kungsi lila, beledag………….. aya sora ngabeledag tina kolecer si tarlan tarik pisan si Tarlan ngagurubug. Werr...wer..... kolecer ngalaunan ngan teu lila muir deui ngagancangan ngaguruh, ngawik-wik jiga tadi.

Serengeh si Tarlan nyerengeh, hatena bungah-bungangang.
”Gelap ngampar !!...” ceuk si Tarlan ”Kolecer aing tea... si Gelap Ngampar...
tuluy si Tarlan ajrutan-ajrutan igel-igelan bari hahariringan
” gelap ngampar,....gelap ngampar,.......”  geus kitu berengbeng tarlan lumpat, balik ka imahna.

Tepi ka imahna indung si tarlan, ma amah kasampak keur maraban hayam,
 ” Ti mana lan sapopoe ngampleng, ”tanya indungna” geus dahar acan ?”
 ”acan ma, ukur sampeu  tadi isuk, betah ngieun kolecer puguh.” tembal tarlan.
” Kade bisi gering, geura dahar heula tuh aya sangu poe dina tetenong, deungeuna teangan sorangan dina lomari, Tong diacak-acak !” titah indung si Tarlan.
” Heug ma, elan kajero heula.” ceu Tarlan bari sup ka imahna.
Teu lila kadenge sora piring seng tingkolontrang
”Lan..., mun enggeus daharna, paraban domba geus sore..!” ceuk indungna ngagorowok ti pipir.
“Nya ma !!” tembal tarlan semu ngosom

Liwat magrib si tarlan geus aya di madrasah ribut ngabejaan babaturanana yen manehanana geus masang kolecer anyar di pasir leutik. Estu teu didenge ustad amin gogorowokan nitah barudak supaya ulah gandeng teh.

“Gedena sakumaha lan ?” ceuk si Omat babaturanana
“Mun ditangtungkeun mah tepi  ka tungtung kenteng panyaweran imah kuring “ ceuk si Tarlan semu reueus.
“Euleuh geuning gede naker !” tempas Udin
“Geus dingaranan? Tanya Omat deui
“Geus atuh, arana si Gelap Ngampar !” Tarlan nandeskeun
Babaturanana silih pelong,
“Geuning ?” ceuk udin “naha gelap ngampar ?”
Lah engke oge pada nyaho tembal Tarlan bari terus malik ka hareup manco ka ustad Udin anu geus di hareupeunana.

Kacatur Tarlan geus gogolehean dina kasur di enggon
Sora kolecer di pasir leutik kadenge atra ngaguruh, puguh beurang peuting angin gede ari keur usumnamah.
Rupa-rupa sora kolecer leuwih atra mun peutingmah. Aya anu ngawikwik, aya nu ngawerwer, aya anu ngaguruh.  Umpama angin ngaleutikan sora kolecer ngalaunan pon nya kitu deui mun angin ngagedean sora kolecer leuwih rame.
Si Tarlan neuteup lalangit bari ngawawaas kolecerna muter, biwirna nyerengeh basa aya sora ngabeledag ti pasir leutik
“Tah eta anu aing ....! gerentesna.

Saribanon
Jayagiri 7/11/06

PANGGAL


“Tarlaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaannnn….”
“kadieu siah !’ ma Amah gogorowokan semu ambek “ Dikumahakeun ieu samping? “
Tarlaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaann!”

Anu digeroan teu bijil, da puguh jauh manehnamah sasat keur aya di saung tengah sawah ngadon anteng ngararaan kaen. Kaen anu tayohnamah meunang nyoehkeun tina samping indungna teh dirara dijieun tali. Tarlan anteng digawe sorangan muter-muter kaen samping dina sukuna. sorodot... kaen teh di giling dina bitisna, sengir..... basa bulu bitis ka gulung ku kaen, serengeh deui....... sengir deui....... bleg weh jelema kurang saeundan kalakuananateh. Sakapeung kadenge manehna ngahariring, teu puguh laguna.

Teu kungsi lila jol Omat, rentang-rentang ti kajauhan leumpang mapay-mapay galengan bari cocorowokan “ Laaaann geus bereeees…?” cenah. “ Acan saeutik deuiiii….!” Tembal tarlan, ongkoh ngagorowok tapi tetep tungkul husu kana pagaweana. Cat omat naek kana saung, da puguh rada jangkung saung teh, kitu ilaharna saung nu biasa dipake tunggu mah. Ngan harita mah can usum tunggu da parena oge can celetu-celetu acan.

“Sakumaha deui lan ?” tanya Omat “ ke keudeung !”tembal Tarlan bari tanggah.
“Geus heula atuh, ieu uing mawa bonteng !”ceuk omat deui. “ Ke heula anan … tah beres ayeunamah jig pecakan ku maneh !”ceuk Tarlan.
“Ke heula ah, mecakana urang di lapang, tah asaan heula bonteng teh!” tembal Omat bari mikeun bonteng carucukan keneh opat siki.
 “ meunang timana Mat ??” tanya Tarlan
“ngenta ti kebon Haji Ageung” ceuk omat bari dangdak dengdek ninggalian tali beunang ngarara si Tarlan
“ Wah manehmah, Haji medit kitu mere, paling oge maok nya!” Tarlan bari ngosokeun  bonteng kana calanana, miceun cucukna.
“ Ari nyaho mah “ tembal Omat bari mesem.

Kocap  kasorenakeunana di lapang tukangeun madrasah kaciri sababara barudak geus ngagimbung ngariung ngurilingan si Udin nu harita keur pepeta bari ninggalikeun panggal bogana
“tah nu urang mah dijieuna oge tina kai jengkol, matak sorana oge ngahiung bangbaraan.” Cenah” Cik atuh cobaan din!”  ceuk budak nu lian. Udin meulitkeun tali dina panggalna, tihandap tepi ka luhur “cik halik bisi kabanting !” ceuk si Udin

Jung Udin nangtung panggal dicekel ku leungeun katuhu tali sesana dibeulitkeun dina pigeulang, saenggeus barudak kasarisi udin maledogkeun panggalna dibeubeutkeun kana taneuh . Hiuk.... wer........ pangal muter tarik naker . Hung................. panggalna disada
barudak keprok sarurak. Udin nyampeurkeun panggalna anu keur muter, terus dikait ku leungeuna siut........... cleng.... eta panggal dialungkeun ka luhur.    Tep.. disanggap ku leungeuna eta panggal ayeuna jadi muir dina dampal leungeun Udin. Ger deui barudak surak”.... Udin.....udin...... “ceuk barudak eak-eakan.

Keur kitu jol si Tarlan “hebat Din euy!” cenah, basa Udin ngeureunkeun panggalna. “Heuh lan mana nu dia lain rek diadukeun jeung nu uing?” ceuk Udin. Nya heueuh atuh, hayu geura urang adukeun, “cik haralik maraneh !” cenah ka baruudak anu keur ngagimbung.

Buriak barudak nyingray mere tempat ka ieu dua jawara panggal anu baris makalangan. Omat ngagurat kalang, nyieun tempat keu ngadukeun panggal. “Sok kadarieu suten heula, nu meunang nu meupeuh, nu eleh ngasoran, ngalungna tilu kali” ceuk si omat minangka wasitna. Tarlan jeung udin suten, “aing meunang !” ceuk Tarlan.

Tarlan jeung Udin saringkil, lir jawara kahot anu arek ngadu jajaten. Tarlan meulitkeun tali beunang ngarara tina sinjang indungna kana panggal, dibeulitkeun pageuh naker, dibebener bisi nyoledat pon kitu deui Udin, cara tadi tungtung tali tuluy dibeulitkeun kana pigeulang leungeun katuhu. Udin ngasor tiheula, panggal dibantingkeun tepi ka muter uleng naker dina kalang. Saenggeus panggal ngahiung tarlan mimiti ngawahan rek meupeuh panggalna udin.

Hiuk............set................ cetarrrrrrr..... sora tali rara tarlan lir pecut delman, ngabeletak sorana tarik pisan atuh panggalna ngahiuk bangbaraan ngabelesat nuju kana panggal Udin, beletak...., sora panggal anu paadu ngabeletak cleng.. panggal duanan mecleng..hiuk........ gombrang,.. borolo kaca madrasah peupeus kabanting ku panggal si Tarlan anu harita ngacleng tarik naker ngababuk kana kaca madrasah.

Sajongjongan barudak arolohok teu kungsi lila buriak bubar, tingberetek tingbelecir lalumpatan bubar mancawura teuing kamana, Tarlan jeung Udin silih pencrong,..    ”Barudak bangkawarah siaaaah !” kadenge ustad ngagorowok ti jero madrasah “diwewelkeun kana sungutna siah !....” ngadenge kitu  beretek si Udin jeung Tarlan lumpat baralik ka imahna

Tarlan lumpat tipaparetot tayohnamah sieun dicarekan ku ustad. Teu sirikna tunggul diparud catang dirumpak teh lain babasaan. Poho weh kana panggal manehna nu aya di madrasahmah lumpat sakalumpat lampet, eureun soteh dihareupeun imahna pendah panggih jeung indungna nu keur ngewer sinjang bari nyekel sapu nyere ku leungeun katuhu bari pokna ” kadieu kasep.....!”


Jayagiri
7/10/06

Tuesday, January 11, 2011

Kalakay Gupay

Wilujeng angkat, deudeuh

Teu kedah ngumbar tibelat
Da ci soca moal saat-saat
Teu kedah ngumbar kawaas
Da ngangres mo laas-laas

Wilujeng angkat, deudeuh

Urang luaskeun ku ikhlas
Di jajapkeun ku sewu mamanis
Tanpa kecap pileuleuyan
Tanpa citangis marengan

Wilujeng angkat, deudeuh

Kantenan kalakay gupay
Nu ngebat lebah pengkolan
Heas-heas nurih ati, sakedapan
Ngalongkewang diri leungiteun puntangan
Hambar diri ilang tungkusan harepan
Sirna ilang mamanisna

Kantenan kecap papisah
Karaos mungkaskeun asih
Kantos nyeuit nurih ati, sungkan pisah
Uplek ngobrol sajajalan bari ngagugulung kangen
Wanci sareupna maju ka kulonkeun
Sora alon ngaharewos pileuleuyan

Wilujeng angkat, deudeuh

Mugia bagja marengan
Metik ati nu jadi panutan
Bari sabar ku papasten
Urang geus jadi nu lian

Wilujeng angkat, deudeuh

Tuesday, January 4, 2011

Retribusi Jalan Desa

Ampir unggal kuring indit ka Bandung, sok ngaliwat ka jalan dago, ngaliwatan desa langensari jeung desa Mekarwangi. ti dua desa eta anu rada ngaganggu sok aya penarikan retribusi jalan, jeung eta retribusi teh ukur mobil anu kudu mayar. geus sababaraha lila sih ngan ku remen tepi ka apal yen dina eta karcis anu teu puguh teh aya dasar hukum nyaeta Undang-Undang nomor 32 tahun 2004, ah urang iseng weh ditinggali geura sugan aya dasar hukum pemungutan retribusi jalan.
Saenggeus dibaca diteangan ah asa euweuh, teuing teu kabaca kabeh... aya oge di pasal 212 bagian 5 tentang keuangan Desa ngan ukur ngatur tentang :

  1. Keuangan desa adalah semua hak dan kewajiban desa yang dapat dinilai dengan uang, serta segala sesuatu baik berupa uang maupun berupa barang yang dapat dijadikan milik desa berhubung dengan pelaksanaan hak dan kewajiban.
  2. Hak dan kewajiban sebagaimana dimaksud pada ayat (1) menimbulkan pendapatan, belanja dan pengelolaan keuangan desa.
  3. Sumber pendapatan desa sebagaimana dimaksud pada ayat (2) terdiri atas: a. pendapatan asli desa; b. bagi hasil pajak daerah dan retribusi daerah kabupaten/kota; c. bagian dari dana perimbangan keuangan pusat dan daerah yang diterima oleh kabupaten/kota; d. bantuan dari Pemerintah, pemerintah provinsi, dan pemerintah kabupaten/kota; e. hibah dan sumbangan dari pihak ketiga
  4. Belanja desa sebagaimana dimaksud pada ayat (2) digunakan untuk mendanai penyelenggaraan pemerintahan desa dan pemberdayaan masyarakat desa.
Tah dina eta pasal teu hiji oge aya legalitas penarikan retribusi jalan. atawa mata sayah anu burem, nurutkeun kuring anu bodo naha bet euweuh, sabab urusan jalan, pemeliharaan, pengaturan, perbaikan jeung sagala tetek bengekna geus diatur dina Undang-Undang Nomer 22 tahun 2009 anu saacana Undang-undang nomer 14 tahun 1992.
terus masih dina Undang-undang 32 anu cenah jadi dasar hukum iuran pengguna jalan desa. jelas ditulis  Belanja Desa teh dipake ukur keur penyelenggaraan pemerintah desa jeung pemberdayaan masyarakat desa euweuh jang pemeliharaan Jalan Desa, da eta mah geus aya Kementerian anu ngaturna.
Barina oge baca ku kabehan lah bisi kuring salah ninggali, emang aya ngaran Jalan Desa ?????? aya oge jalan Kota, Kabupaten, Propinsi jeung Nasional, terus pemeliharaana kabeh geus aya nu ngatur, tah urusan gang anu di desa,... ulah ngomong euweuh bantuan.. ari PNPM eta jang naon ??? ah... geus dipikiran ku wakil uing anu di Dewan kabeh oge (keur alus lah ayeunamah di mata uing DPR teh... hihihi).
Balik deui ka urusan jalan, ayeuna ninggali kanyataan di lapangan, saha atuh anu ngadatangkeun stoowals ? anu ngadatangkeun asphalt HotMix ? anu nunjuk kontraktor ? aya kontrakna di desa.... yakin euweuh  !!naha ?? sabab anu ngalelangkeun pagaweana oge Kementerian Pekerjaan Umum, Lain Kades....
Tungtungna, lamun arek ngenta sumbangan, penta weh anu bener, ulah bari jeung neangan alesan anu lian-lian, paling lamun kuring teu satuju rek nulis deui ka teu satujuan naha ??? ah da jelas geus loba anggaran jang desa mah, urusan kuring make jalan pan geus mayar pajeg, jaba teu adil pisan naha ari motor anu leuwih loba ngaliwat teu dipajeg ??? komo make jeung nulis Peraturan Perundangan bari jeung teu ditinggali jelas jerona. Untung tulisan ieu teu diniatan jadi Gugatan Warga Negara

Runtah

dasar ari ngomongkeun nagara urang,.. sok ku araraneh...duka kuring anu bodo atawa batur anu pinter teuing, loba pisan contona dina hirup kumbuh bernegara anu sok kadang teu kaharti ku akal, salah sahijina masalah runtah.
naha ujug jauh kana urusan nagara ? ah enteng weh sakabeh kahirupan anu aya di nagara Indonesia diatur ku peraturan, demi anu ngeiun peraturan pangluhurna teh Dewan Perwakilan Rakyat, anu sakabeh anggotana dipilih ku masarakat, kaasup kuring, naha acan perenah maranehanana ngatur urusan runtah ???
lamun teh acan kacida pisan elema anu dipilih ku kuring nyah... lamun cenah enggeus mana buktina ?? mana rengkolna ?? atuh cenah salah naha kuring teu maca atawa teu neangan... har ????? maranehna dipilih ku saha ?? make duit saha ?? saha juragana ??? atuh meureun sakuduna maranehna para anggota DPR mere nyaho sakabeh paratutan anu dijairun ku manehna ka rahayat minangka pertanggungjawaban pagaweanana. kitu lin ??
balik deui ka urusan runtah, sok bingung kuring mah, anggaran anu teu cukup mindeng disalahkeun keur ngurus runtah, tepikeun ka dipentaan deui duit jang miceun runtah teh ka masarakat, pajar jang bengsin, jang ongkos, kopi, jeung rea-rea deui... har !!!!! ari tukang runtah dibayar ku saha ?? ari solar jang treuk ti saha ??? cenah kurang,.... naha nyalahkeun ka masarakat ?? salahkeun mah DPR,.. naha maranehna teu bisa ngatur eksekutip nagara pikeun ngurus runtah ???? lamun ukur ngomong hese mah teu kudu anu pinter,.... mang Emod ge bisa...
dasar Nagara urang....!!