Saturday, January 15, 2011

KOLECER


Meujeuhna panas harita, panonpoe karek ngolesed muru ngulon, mun harita hayam mah meujeuh nyarumput di kolong imah beda deui jeung si Tarlan, eta budak teh ti isuk cinukduk di juru pipir imahna, handapeun tangkal alpuket anu buahna  rantuy najan parentil keneh.

Tadi isuk rebun-rebun keneh si Tarlan geus ngarit pakeun parab domba, jukut pinuh ku cai reumis teu ieuh dipalire. Balik ngarit tara biasana, si tarlan mawa tangkal jeungjing anu badagna kira-kira sagede bitis, leutik ngan lantas, panjang teu bengkung.

Ucul-ucul beres ngarit teh terus wae manehna diuk na amben, nya handapeun tangkal alpuket tea. Kurat keureut, ruat raut, ngaragaji. Anteng nakeranan teu bisa diganggu. Eureun teh pedah kapotong ku sora adan di madrasah nu teu jauh ti imahna. Ari geus beres mah ti madrasah terus deui manehna ngadekul muru hanca pagaweanana.

Wanci lingsir ngulon bareng jeung ngongna sora adan asar si Tarlan nguliat hudang. Nyeh nyerengeh nulak cangkeng bari dangdak-dengdek. “ keun siah..” pokna ngagerendeng “ tinggali isukan  nu aing nu panggedena, mo teu handaruan soranage ..”

Tayohna mah si Tarlan, ti isuk jedur tepi ka sore jeder teh nyieun kolecer, tina kai jeujing tea, eta kolecer the badag kacida, panjangna kurang leuwih tilu meter, eta kolecer teh tuluy diabuskeun kana kolong imah. Geuwat beberes parabot nu geus dipake. Geus kitu gura-giru muru pancuran geusan wudlu.

Teu kakocap dimadrasahna, balik ti madrasah manehna muru ka pipir ngarongkong ka kolong mawa kolecer anu tadi disumputkeun. Rigidig di bawa, tuluy manehna kebat ka tonggoheun imah muru ka mumunggang pasir leutik. Anjog ka tempat nu dituju manehna ngadeukeutan tangkal peuteuy. Mimiti atra ayeunamah, dieta mumunggang pasir leutik tayohnamah keur dijadikeun tempat masang-masangkeun kolecer. Anu gede anu leutik mangrupa-rupa ukuran.  Eta kolecerteh maruter ngaluarkeun sora sing caruit sing galeber malah aya anu ngaguruh sagala rupa.

Barang nepi ka tangkal peuteuy eta kolecer anu ti tadi di papanggul teh tuluy dihanjatkeun, terekel manehna naek, kolecerna digusur dibawa naek, didinya nyampak awi panjang pitihangeun anu ditalian kana tangkal peuteuy diluhurna aya paniir tina awi anu geus dibuntutan ku barangbang kalapa garing. Terekel si Tarlan naek leuwih luhur, tepi kana paniir sup kolecerna di asupkeun tuluy tungtung paniir di ganjel ku awi leutik minangka paseuk.

Geus beres sagalana jut si Tarlan turun can ge manehna nincak lemah eta kolecer geus kaciri muter mimiti laun, wik..wik…wik… sorana ngawik-wik.  hiuk anging rada gede eta kolecer muterna leuwih tarik sorana mimiti ngaguruh, narikan nandingan sora kolecer lianan nu aya di eta tempat. Sora kolecer ngaguruh ngilu kana tarikna angin nu nebak, angin usum halodo anu meujeuhna badag.
Sora kolecer si Tarlan kadenge deui ngageber, ngaguruh beuki lila beuki tarik sorana handaruan awi tihangna melenod, melengkung kasered ku tarikna angin.Guruhna sora kolecer muwuh matak sentar. Teu kungsi lila, beledag………….. aya sora ngabeledag tina kolecer si tarlan tarik pisan si Tarlan ngagurubug. Werr...wer..... kolecer ngalaunan ngan teu lila muir deui ngagancangan ngaguruh, ngawik-wik jiga tadi.

Serengeh si Tarlan nyerengeh, hatena bungah-bungangang.
”Gelap ngampar !!...” ceuk si Tarlan ”Kolecer aing tea... si Gelap Ngampar...
tuluy si Tarlan ajrutan-ajrutan igel-igelan bari hahariringan
” gelap ngampar,....gelap ngampar,.......”  geus kitu berengbeng tarlan lumpat, balik ka imahna.

Tepi ka imahna indung si tarlan, ma amah kasampak keur maraban hayam,
 ” Ti mana lan sapopoe ngampleng, ”tanya indungna” geus dahar acan ?”
 ”acan ma, ukur sampeu  tadi isuk, betah ngieun kolecer puguh.” tembal tarlan.
” Kade bisi gering, geura dahar heula tuh aya sangu poe dina tetenong, deungeuna teangan sorangan dina lomari, Tong diacak-acak !” titah indung si Tarlan.
” Heug ma, elan kajero heula.” ceu Tarlan bari sup ka imahna.
Teu lila kadenge sora piring seng tingkolontrang
”Lan..., mun enggeus daharna, paraban domba geus sore..!” ceuk indungna ngagorowok ti pipir.
“Nya ma !!” tembal tarlan semu ngosom

Liwat magrib si tarlan geus aya di madrasah ribut ngabejaan babaturanana yen manehanana geus masang kolecer anyar di pasir leutik. Estu teu didenge ustad amin gogorowokan nitah barudak supaya ulah gandeng teh.

“Gedena sakumaha lan ?” ceuk si Omat babaturanana
“Mun ditangtungkeun mah tepi  ka tungtung kenteng panyaweran imah kuring “ ceuk si Tarlan semu reueus.
“Euleuh geuning gede naker !” tempas Udin
“Geus dingaranan? Tanya Omat deui
“Geus atuh, arana si Gelap Ngampar !” Tarlan nandeskeun
Babaturanana silih pelong,
“Geuning ?” ceuk udin “naha gelap ngampar ?”
Lah engke oge pada nyaho tembal Tarlan bari terus malik ka hareup manco ka ustad Udin anu geus di hareupeunana.

Kacatur Tarlan geus gogolehean dina kasur di enggon
Sora kolecer di pasir leutik kadenge atra ngaguruh, puguh beurang peuting angin gede ari keur usumnamah.
Rupa-rupa sora kolecer leuwih atra mun peutingmah. Aya anu ngawikwik, aya nu ngawerwer, aya anu ngaguruh.  Umpama angin ngaleutikan sora kolecer ngalaunan pon nya kitu deui mun angin ngagedean sora kolecer leuwih rame.
Si Tarlan neuteup lalangit bari ngawawaas kolecerna muter, biwirna nyerengeh basa aya sora ngabeledag ti pasir leutik
“Tah eta anu aing ....! gerentesna.

Saribanon
Jayagiri 7/11/06

No comments:

Post a Comment