Saturday, January 15, 2011

PANGGAL


“Tarlaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaannnn….”
“kadieu siah !’ ma Amah gogorowokan semu ambek “ Dikumahakeun ieu samping? “
Tarlaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaann!”

Anu digeroan teu bijil, da puguh jauh manehnamah sasat keur aya di saung tengah sawah ngadon anteng ngararaan kaen. Kaen anu tayohnamah meunang nyoehkeun tina samping indungna teh dirara dijieun tali. Tarlan anteng digawe sorangan muter-muter kaen samping dina sukuna. sorodot... kaen teh di giling dina bitisna, sengir..... basa bulu bitis ka gulung ku kaen, serengeh deui....... sengir deui....... bleg weh jelema kurang saeundan kalakuananateh. Sakapeung kadenge manehna ngahariring, teu puguh laguna.

Teu kungsi lila jol Omat, rentang-rentang ti kajauhan leumpang mapay-mapay galengan bari cocorowokan “ Laaaann geus bereeees…?” cenah. “ Acan saeutik deuiiii….!” Tembal tarlan, ongkoh ngagorowok tapi tetep tungkul husu kana pagaweana. Cat omat naek kana saung, da puguh rada jangkung saung teh, kitu ilaharna saung nu biasa dipake tunggu mah. Ngan harita mah can usum tunggu da parena oge can celetu-celetu acan.

“Sakumaha deui lan ?” tanya Omat “ ke keudeung !”tembal Tarlan bari tanggah.
“Geus heula atuh, ieu uing mawa bonteng !”ceuk omat deui. “ Ke heula anan … tah beres ayeunamah jig pecakan ku maneh !”ceuk Tarlan.
“Ke heula ah, mecakana urang di lapang, tah asaan heula bonteng teh!” tembal Omat bari mikeun bonteng carucukan keneh opat siki.
 “ meunang timana Mat ??” tanya Tarlan
“ngenta ti kebon Haji Ageung” ceuk omat bari dangdak dengdek ninggalian tali beunang ngarara si Tarlan
“ Wah manehmah, Haji medit kitu mere, paling oge maok nya!” Tarlan bari ngosokeun  bonteng kana calanana, miceun cucukna.
“ Ari nyaho mah “ tembal Omat bari mesem.

Kocap  kasorenakeunana di lapang tukangeun madrasah kaciri sababara barudak geus ngagimbung ngariung ngurilingan si Udin nu harita keur pepeta bari ninggalikeun panggal bogana
“tah nu urang mah dijieuna oge tina kai jengkol, matak sorana oge ngahiung bangbaraan.” Cenah” Cik atuh cobaan din!”  ceuk budak nu lian. Udin meulitkeun tali dina panggalna, tihandap tepi ka luhur “cik halik bisi kabanting !” ceuk si Udin

Jung Udin nangtung panggal dicekel ku leungeun katuhu tali sesana dibeulitkeun dina pigeulang, saenggeus barudak kasarisi udin maledogkeun panggalna dibeubeutkeun kana taneuh . Hiuk.... wer........ pangal muter tarik naker . Hung................. panggalna disada
barudak keprok sarurak. Udin nyampeurkeun panggalna anu keur muter, terus dikait ku leungeuna siut........... cleng.... eta panggal dialungkeun ka luhur.    Tep.. disanggap ku leungeuna eta panggal ayeuna jadi muir dina dampal leungeun Udin. Ger deui barudak surak”.... Udin.....udin...... “ceuk barudak eak-eakan.

Keur kitu jol si Tarlan “hebat Din euy!” cenah, basa Udin ngeureunkeun panggalna. “Heuh lan mana nu dia lain rek diadukeun jeung nu uing?” ceuk Udin. Nya heueuh atuh, hayu geura urang adukeun, “cik haralik maraneh !” cenah ka baruudak anu keur ngagimbung.

Buriak barudak nyingray mere tempat ka ieu dua jawara panggal anu baris makalangan. Omat ngagurat kalang, nyieun tempat keu ngadukeun panggal. “Sok kadarieu suten heula, nu meunang nu meupeuh, nu eleh ngasoran, ngalungna tilu kali” ceuk si omat minangka wasitna. Tarlan jeung udin suten, “aing meunang !” ceuk Tarlan.

Tarlan jeung Udin saringkil, lir jawara kahot anu arek ngadu jajaten. Tarlan meulitkeun tali beunang ngarara tina sinjang indungna kana panggal, dibeulitkeun pageuh naker, dibebener bisi nyoledat pon kitu deui Udin, cara tadi tungtung tali tuluy dibeulitkeun kana pigeulang leungeun katuhu. Udin ngasor tiheula, panggal dibantingkeun tepi ka muter uleng naker dina kalang. Saenggeus panggal ngahiung tarlan mimiti ngawahan rek meupeuh panggalna udin.

Hiuk............set................ cetarrrrrrr..... sora tali rara tarlan lir pecut delman, ngabeletak sorana tarik pisan atuh panggalna ngahiuk bangbaraan ngabelesat nuju kana panggal Udin, beletak...., sora panggal anu paadu ngabeletak cleng.. panggal duanan mecleng..hiuk........ gombrang,.. borolo kaca madrasah peupeus kabanting ku panggal si Tarlan anu harita ngacleng tarik naker ngababuk kana kaca madrasah.

Sajongjongan barudak arolohok teu kungsi lila buriak bubar, tingberetek tingbelecir lalumpatan bubar mancawura teuing kamana, Tarlan jeung Udin silih pencrong,..    ”Barudak bangkawarah siaaaah !” kadenge ustad ngagorowok ti jero madrasah “diwewelkeun kana sungutna siah !....” ngadenge kitu  beretek si Udin jeung Tarlan lumpat baralik ka imahna

Tarlan lumpat tipaparetot tayohnamah sieun dicarekan ku ustad. Teu sirikna tunggul diparud catang dirumpak teh lain babasaan. Poho weh kana panggal manehna nu aya di madrasahmah lumpat sakalumpat lampet, eureun soteh dihareupeun imahna pendah panggih jeung indungna nu keur ngewer sinjang bari nyekel sapu nyere ku leungeun katuhu bari pokna ” kadieu kasep.....!”


Jayagiri
7/10/06

No comments:

Post a Comment