Saturday, September 17, 2011

Dongeng di Sespim

tilu poe kaliwat budak kuring anu bungsu, The Gunnar kaluar ti rumah sakit, atawa poliklinik dengan ruang rawat inap meureun pernahna mah. Inyana gering diare, duh watir temen kacirina oge. Tapi mungguh budak kuatan, salila geringna dina sela-sela nguluwutna aya weh dongengkeuneun teh. opat poe opat peuting manehna ngajakan indung bapana, jeung lanceukna mondok moek pindah sare ka Sespim. Keun ari urusan geringna mah ayeunamah urang tinggalian weh potona mangsa keur gering.... poto manehna jeung lanceukna...
geura urang tataan..

Tah poto ieu pas mimiti asup lanceukna acan nyadar lamun adina rek dirawat.......jeung salila di tempat perawatan lanceukna mah langsung jadi incu panggih gede anu boga warung sisieun tempat perawatan.



tah ieu menit-menit awal budakna di infus... saenggeus cape gunnar tungtungna sare.



saenggeu pangaciana balik deui.... seuri deui weh budak teh.. hiji weh syaratna... selang infus ulah dicabak lamun henteu ngamukna teu katahan..

Nya....... cenghar !!!

 Bersama lanceuk tercinta.........

Tah kalakuan lanceukna lamun, adina ceurik... sagala rupa anu dipilampahna teh.......
Alhamdulillah gunnar geus balik ka imah geus jagjag, nya masih recovery keneh sih kaayaanamah tapi mudah-mudahan budakna jagjag wariungkas sabihara-bihari.....Amiin...

No comments:

Post a Comment